Jumat, 02 Mei 2014

Pidato Paturay Tineung

Assalamu 'alaikum warohmatullohi wabarokatuh.
            
         Puji sinareng sukur mangga urang sanggakeun ka hadirat gusti nu maha suci. Ku lungsurna rahmati sareng karunia Anjeunna, dina dinten ieu urang tiasa patepung rawung paamprok jonghok dina acara paturay tineung SDN 4 Kuningan.

Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka rerencangan sakelas anu parantos maparin kapercantenan ka sim kuring kanggo ngadugikeun kereteg ati minangka wawakil ti kelas VI. Teu hilap deuih, sim kuring oge ngahaturkeun nuhun ka panata calagaraanu parantos maparin kasempetan ka sim kuring kanggo sasanggem dina ieu acara.

Parahadirin hormateun sim kuring.
Mungguh ari waktos henteu karaos nyerelekna teh. asa kamari sim kuring saparakanca lebet janten murid di ieu sakola. Ayeuna tos kedah ngantunkeun deui ieu sakola. padahal genep taun teh sanes waktos anu sakedap. Genep taun sasarengan, diaping sareng dijaring ku bapa miwah ibu guru di dieu. Genep tiun sim kuring saparakanca dipaparin rupi-rupi e1mu sareng kaparigelan, pibekeleun sim kuring saparakanca kanggo neraskeun sakola ka tingkat anu langkung luhur.

Kiwari cunduk kana waktu, ninggang kana mangsa urang kedah papisah. Aya kabingah sareng kasedih gumulung jadi hiji. Bingahna, sim kuring saparakanca tos tiasa lulus diijar di ieu sakola. Ari sedihna, sim kuring saparakanca kedah ngantunkeun ieu sakola.

Abotna mah kalangkung-langkung kedah ngantunkeun ieu sakola teh. Namung kumaha atuh, da sim kuring saparakanca kedah neraskeun deui ka sakola nu langkung luhur. Ku margi kitu, neda pidungana ka sadayana supados sim kuring saparakanca tiasa ngahontal cita-cita sareng tiasa babakti ka lemah cai, bangsa, sareng agama.

Rumaos, salami sim kuring saparakanca sakola di dieu, seueur pisan kalepatan. Malih sering matak repot sareng jengkel Ibu miwah Bapa Guru. Ku kituna sim kuring saparakanca neda dihapunten. Sawangsulna, sim kuring saparakanca henteu tiasa males kana kasaean
Ibu miwah Bapa Guru. Mugia Gusti Alloh maparin ganjaran anu satimpal kana kasaean Ibu miwah Bapa Guru sadayana.

Teu hilap ka adi-adi kelas hapunten Teteh sareng Akang, upami salami urang sasarengan Teteh sareng Akang seueur kalepatan, boh anu karaos boh anu henteu karaos. Tangtos, Teteh sareng Akang oge ngahapunten kana kalepatan adi-adi sadayana. Dungakeun Teteh sareng Akang, supados lungsur-langsar dina diajar di sakola anu langkung luhur. Kitu deui Teteh sareng Akang  ngadungakeun sangkan adi-adi tiasa langkung sae sareng pinter ti Teteh sareng Akang.

Parahadirin hormateun sim kuring.
Seueur panineungan endah salami sim kuring saparakanca nyuprih elmu di ieu sakola. Panineungan anu baris tetep ngantengkeun rasa sareng hate sim kuring saparakanca, sanaos urang tos paanggang.


Rupina, sakitu pisanggem ti sim kuring, minangka wawakil ti kelas VI. Hapunten bilih aya cariosan anu kirang merenah matak resag kana manah. Wassalamu 'alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar