Jumat, 02 Mei 2014

Ngujuban Karuhun (Tugas Sunda)

NGUJUBAN KARUHUN

            Di unggal lembur ngagaduhan kabudayaan sareng kabiasaan anu heunteu sami. Aya anu dilaksanakeunana dina acara hajatan, dina muludan, dina dinten lebaran, atawa dina wengi kaping 15 mandi ngabumbang, aya oge ngujuban dina wengi jumaah kaliwonan.
            Sapertos di desa Cikadu Kec. Kadugede Kab. Kuningan Jawa Barat, aya keneh kabiasaan anu masih sok dilaksanakeun dina unggal wengi jumaah kaliwon, nyaeta acara ngujuban karuhun. Ari karuhun teh nyaeta kulawargi anu tos maot. Nurutkeun carita jalmi sepuh, acara ngujuban ieu teh ngemutkeun kapara karuhun atanapi ka kulawargi anu tos tilar didunya naon bae katuangan, ka sedepna salami didunya.


            Ngujuban teh biasana disayagikeun ku sababaraha macem, aya anu nganggo kueh 7 rupi, aya oge anu 11 rupi, sareng rupi-rupi leueuteun sapertos cai teh biasa, cai teh amis, kopi pait, kopi amis, kopi susu, susu biasa, sampe aya nu mung ukur nyayagikeun cai herang. Jeung aya deui anu sok nganggo sangu sareng rencangna, roko atanapi sulutru. Teras biasana sok nganggo kembang anu 7 rupi atawa 11 rupi teras dileubeutkeun dina cai herang.

            Upami parantos kumplit sok di ujubkeun atanapi sok di tujubkeun kapara karuhun anu disebatkeun nami-namina bari di doa’keun supados ditampi iman islamna, dileubeutkeun kana sawarga sareng tempat keun di sisi Allah S.W.T, bari di pang-ngaoskeun surah Yasin. Ieu informasi teh nara sumberna ti mamah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar