Selasa, 31 Desember 2013

New Year is Coming Soon !!!!!

Yayaya banyak banget kenangan yang udah gue alamin dari mulai sedih, seneng, galau, delima, bingung, bahagia.. semuanyaaaa ada.. gue baru ngpost lagi karna gue kemaren kmaren dpt kejadian yang amat sangat bikin gue down -_____- nilai rapot gue ancur tau deh mungkin karna guenya yg males malesan *teeeetttttt udah gausah bahas lagi*

Keyy tinggal ngitung jam aja nih 2013 bakalan terganti jadi 2014.. gak kerasa yah perasaan baru kemaren gue masuk SMA ehh skg udah kelas 2 aja lagi.. perasaan juga baru kemaren gue jadian sama ibul sekarang udh mau setaun aja lagi *curhat dikiitt* hahahaa.. ya semoga aja kedepannya di taun 2014 bisa lebih baik lagi deh bisa mandiri, rajin, gaboleh males malesan san!! okeoke ;;)

Yaudah gue skg lagi nikmatin liburan dulu keyy.. byeeee happy new year and happy holiday guys J

Rabu, 04 Desember 2013

contoh kecap serepan tina basa Arab jeung Sansekerta

a.       Kecap serepan tina Basa Arab
Ø  Darussalam, dabat, darurat, damawi, daerah, dajal, dakwah, batin, damir, tawakup, basir, sareat, saum, pikir, rahim, malarat, kamus, jubah, lisan, kitab, maksud, makam, pasal, mupakat, salat, rijki, sukur, mahluk, lahir, badan, ajaib, hidayah, darurat, haram, hakim, ibadah, hilap, idin, kiblat, iblis, hasil, hadiah, hajat, batal, gaib, ahir, akal, akik, akilbalig, akbar, ajal, akbar, akekah, akhirat, akhir, akhlak, akhirulkalam, akidah, akibat,ajaib, ajab, aisyah, ahmar, aib, ahmak,ahli, ahlu, ahlan, wasahlan, ahkam, adawat, adil adib, af’al, afdal, afiat,aflatun, afrit, afwah, aghlaf, ahad, adat, adab, abu, abtar, abjad,abadi, abawi, abdi, abdul, abiding.

karangan deskripsi ngeunaan rapat anu nganahas rencana ngayakeun acara bulan bahasa

                           RAPAT ACARA BULAN BAHASA
    
     Wullan salaku ketua OSIS SMA NEGERI 2 BANDUNG. Manehna kapapancenan mingpin rapat ngeunaan rencana acara bulan bahasa anu tiap 2 taun sakali diayakeun.
Wullan    : “Assalamualaikum Wr. Wb. Pangurus OSIS SMA NEGERI 2 BANDUNG nu ku sim kuring dipika cinta. Sateuacan rapat ieu dikawitan mangga urang ngaoskeun basmallah sasarengan. Bismillahirohmanirohim.”
Nu rapat : “(sasarengan) Bismillahirohmanirohim.”
Wullan    : “Hatur nuhun ka saderek sadaya kana kasumpinganana. Mudah mudahan ieu rapat teh tiasa lumangsung lungsur langsar nu sakumaha dipiharep. Sakumaha anu kaunggel dina serat uleman, rapat dina dinten ieu teh bade ngabadantenkeun perkawis acara bulan bahasa periode 2013-2014.
Sita          : “Hapunten saderek Wullan sim kuring motong cariosanana, dina ieu acara teh seksi naon bae anu kaasup kana acara bulan bahasa teh?”
Wullan    : “Nya pasti na mah seksi kesenian, seksi kerohanian, sareng seksi kabudayaan, anu bade diiluan ku unggal kelas, ti kawit kelas X-XI-XII. Urang ngabujeung enggalna wae, sim kuring bade langsung wae ngahaturanan unggal seksi kanggo ngadugikeun program kerjana. Urang kawitan waé ti seksi kasenian. Ka saderek Imam dihaturanan.”

contoh bewara basa sunda

a. Lurah ek ngayakeun kerja bakti mersihan hawangan di desa urang.

KERJA BAKTI LURAH KUNINGAN
KECAMATAN KUNINGAN


            Diuningakeun ka sadaya RT. 03 RW. 05 kampung Cijalim Pasapen Kuningan. Wirehna dina dinten Senen, Kaping 09 Januari 2011, ngawitan ti tabuh 8 enjing dugi ka lekasan. Urang bade ngalaksanakeun Kerja Bakti mersihan hawangan nu ngalangkung ka kampung urang. Kumargi kitu ke enjing sa teu acanna ngalaksanakeun kerja bakti. Urang kempel heula di rompokna Pa Lurah sisieun hawangan, kanggo ngadangukeun heula wejangan ti Pa Lurah. Hatur nuhun ka ayana perhatosanana. Diantos kasumpingananan.

Kuningan, 09 Januari 2011
                                                               lurahan Kuningan      


H. Nana Rumana                   


contoh laporan kagiatan basa sunda

LAPORAN KEGIATAN KEMPING PRAMUKA
SMA NEGERI 3 KUNINGAN

Assalamu'alaikum Wr.Wb

Hatur nuhun ka saderek sadayana. Dina dangeut ieu sim kuring salaku panitia bade ngadugikeun hasil laporan kagiatan kemping pramuka SMA NEGERI 3 KUNINGAN.
Sakumaha biasana kemping pramuka dilaksanakeun rutin unggal taun. Acara ieu teh temana “Kasuksesan dimimitian ku kamandirian”. Alhamdulilah ku dukungan sareng partisipari warga SMAN 3 KUNINGAN acara ieu teh lancar.
Dihandap ieu rincian laporanna.
·                       Tujuan kegiatan:
-          Ngalaksanakeun program OSIS jeung BANTARA SMAN 3 KUNINGAN
-          Mieling poe jadi pramuka
-          Ningkatkeun kamandirian siswa
·                       Pamilon:
-          Sadaya siswa siswi kelas X SMAN 3 KUNINGAN