Rabu, 04 Desember 2013

contoh bewara basa sunda

a. Lurah ek ngayakeun kerja bakti mersihan hawangan di desa urang.

KERJA BAKTI LURAH KUNINGAN
KECAMATAN KUNINGAN


            Diuningakeun ka sadaya RT. 03 RW. 05 kampung Cijalim Pasapen Kuningan. Wirehna dina dinten Senen, Kaping 09 Januari 2011, ngawitan ti tabuh 8 enjing dugi ka lekasan. Urang bade ngalaksanakeun Kerja Bakti mersihan hawangan nu ngalangkung ka kampung urang. Kumargi kitu ke enjing sa teu acanna ngalaksanakeun kerja bakti. Urang kempel heula di rompokna Pa Lurah sisieun hawangan, kanggo ngadangukeun heula wejangan ti Pa Lurah. Hatur nuhun ka ayana perhatosanana. Diantos kasumpingananan.

Kuningan, 09 Januari 2011
                                                               lurahan Kuningan      


H. Nana Rumana                   



b. Sakola ek ngayakeun piknik ka jogjakarta

SMA NEGERI 2 BANDUNG
Jln. Jendral Sudirman 28 Bandung


     Diuningakeun ka sepuh-sepuh siswa SMAN 2 Bandung dina acara taunan sakola kelas XI, sakola bade ngayakeun piknik ka Jogjakarta nyaeta ka Candi Borobudur, Malioboro, jeung Dieng. Anu bade dilaksanakeun 3 poe ngawitan ti dinten Jum’ah kaping 8 Februari 2013 dugi ka dinten Minggu kaping 10 Februari 2013. kempelna tabuh 5 wengi di aula sakola. Waragad anu kudu dikaluarkeun nyaeta Rp. 650.000.-
     Mugia para sepuh siswa uninga.


                                               Kuningan, 8 Februari 2012
Kepala SMAN 2 BANDUNG                      



                                                    H. Ade Drajat                    
    



c. RT ek ngayakeun sunatan masal

KAMPUNG CIJALIM RT. 03 RW. 05
KELURAHAN KUNINGAN, KECAMATAN KUNINGAN

Assalamu’alaikum Wr. Wb.
     Dina raraga ngalaksanakeun pangeling ngeling Maulid Nabi Muhammad SAW. Warga RT. 03 RW. 05 Cijalim Pasapen Kuningan bade ngayakeun sepitan masal gratis. Anu waktosna dinten Rebo kaping 2 mei 2012 ngawitan ti tabuh 10 enjing dugi ka lekasan. Tempatna di Tajug Baiturahman. Kumargi kitu Bapa/ Ibu/ Saderek diantos kasumpinganana. Hatur nuhun Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Kuningan, 20 Januari 2012
Ketua RT 02      
Komplek Kabumen                



Maman Supriaman                 

d. Sakola ek ngayakeun lomba kabersihan kelas

SMA NEGERI 3 KUNINGAN
Jln. Siliwangi no.13 Kuningan


     Diuningakeun ka sadaya wargi SMAN 3 KUNINGAN. Sakola bade ngayakeun lomba kabersihan antar kelas X, XI, XII. Kelas anu pang bersihna berarti eta nu jadi pemenangna. Hadiah nu di menangkeun nyaeta Piala sareng artos Juara 1 Rp. 100.000.-/ perkelas Juara 2 Rp. 75.000.-/ perkelas Juara 3 Rp. 50.000.-/ perkelas. Lomba bade dilaksanakeun unggal dinten Senen kaping 1 Oktober 2010. Mugia para sepuh siswa uninga.

Kuningan, 05 Oktober 2012
Kepala Sakola            
SMA NEGERI 3 KUNINGAN



Drs.H Agus Hakim                

  


e. Kecamatan ek ngayakeun pembuatan KTP masal

PEMERINTAH KABUPATEN KUNINGAN
KANTOR KECAMATAN KABUPATEN KUNINGAN
Jln. Otista no.3 Kuningan


      Diuningakeun ka sadaya warga Kec. Kuningan. Bade ngayakeun ngadamel KTP masal. Wirehna dina dinten Salasa dugi ka poe Kamis. Kaping 08 September 2013 nepi ka kaping 10 September 2013. waktosna ngawitan tabuh 9 enjing dugi ka tabuh 5 wengi. Tempatna di Kantor Kec. Kuningan. Hususna kanggo ngadamel KTP elektronik, saratna kudu mawa kartu keluarga. Ka para wargi sadaya diantos kasumpinganana. Hatur nuhun Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Kuningan, 06 September 2013
                                                         Kapala Camat Kuningan           




                                                         Drs. H. Subagja   

2 komentar: