Rabu, 04 Desember 2013

karangan deskripsi ngeunaan rapat anu nganahas rencana ngayakeun acara bulan bahasa

                           RAPAT ACARA BULAN BAHASA
    
     Wullan salaku ketua OSIS SMA NEGERI 2 BANDUNG. Manehna kapapancenan mingpin rapat ngeunaan rencana acara bulan bahasa anu tiap 2 taun sakali diayakeun.
Wullan    : “Assalamualaikum Wr. Wb. Pangurus OSIS SMA NEGERI 2 BANDUNG nu ku sim kuring dipika cinta. Sateuacan rapat ieu dikawitan mangga urang ngaoskeun basmallah sasarengan. Bismillahirohmanirohim.”
Nu rapat : “(sasarengan) Bismillahirohmanirohim.”
Wullan    : “Hatur nuhun ka saderek sadaya kana kasumpinganana. Mudah mudahan ieu rapat teh tiasa lumangsung lungsur langsar nu sakumaha dipiharep. Sakumaha anu kaunggel dina serat uleman, rapat dina dinten ieu teh bade ngabadantenkeun perkawis acara bulan bahasa periode 2013-2014.
Sita          : “Hapunten saderek Wullan sim kuring motong cariosanana, dina ieu acara teh seksi naon bae anu kaasup kana acara bulan bahasa teh?”
Wullan    : “Nya pasti na mah seksi kesenian, seksi kerohanian, sareng seksi kabudayaan, anu bade diiluan ku unggal kelas, ti kawit kelas X-XI-XII. Urang ngabujeung enggalna wae, sim kuring bade langsung wae ngahaturanan unggal seksi kanggo ngadugikeun program kerjana. Urang kawitan waé ti seksi kasenian. Ka saderek Imam dihaturanan.”


Imam       : “Hatur nuhun saderek Wullan. Salaku pupuhu dina ieu rapat. Simkuring sareng anggota seksi kasenian parantos ngararancang program kagiatan. Kahiji, ngayakeun lomba nyanyi tradisional. Kadua, ngayakeun maca puisi. Anu mintonkeunana kelompok kasenian wawakil unggal kelas. Tempatna di panggung seni. Nu katilu maca UUD’45 anu tempatna di aula sakola. Kitu tah gambaran sementawis ti simkuring. Mangga bilih aya nu bade tumaros, nyawad, atanapi masihan bongbolongan?”
Wullan    : “Nuhun sae pisan programna. Sim kuring satuju pisan kana program kagiatan nu diajukeun ku seksi kasenian.”
Nu rapat : “katampi. Leres pisan.”
Wullan    : “Salajengna, mangga ka seksi kerohanian kanggo ngaduikeun program kagiatanna. Ka sadérék Sita dihaturanan.
Sita          : “Hatur nuhun saderek Wullan, salaku pupuhu dina ieu rapat. seksi kerohanian bade neraskeun program kagiatan anu tos biasa dilaksanakeun unggal ngayakeun ieu acara nyaeta lomba MTQ. Kitu perkawisna mah.”
Doni        : “kumaha lamun lombana di tambih ku lomba da’wah?”
Sita          : “upami sanggeum sim kuring mah, tiasa kitu oge.”
Wulllan   : “Panuju pisan simkuring mah. Janten seksi karohanian mah intina téh bade neraskeun program nu tos biasa dilaksanakeun ku pangurus kapungkur. Ngan tambihna aya lomba da’wah. Salajeungna mangga ka seksi kabudayaan. Mangga Nike dihaturanan!”
Nike        :”Hatur nuhun ka saderek ketua. Sim kuring sareng anggota seksi kabudayaan parantos ngarancang naon bae anu bade di ayakeun dina acara bulan bahasa, nyaeta lomba degung sareng tari tradisional anu tempatna di ruang multimedia. Kitu gambaranna, kumaha bade aya nu di taroskeun?”
Nu rapat : “katampi. Leres pisan”
Wullan    : “Saderek, rarancang kagiatan tos disaluyukeun ku urang sadayana. Atuh, ku margi waktos teu nyekapan. Upami teu aya nu bade nyarios deui mah, rapat urang tutup waé dugi ka dieu. Muggia program kagiatan urang, tiasa laksana kalawan lancer. Wassalamualaikum Warrahmatullahi Wabarakaatuh.

Nu rapat : “wa’alaikum salam warohmatullahi wabarokatuh.”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar