Jumat, 02 Mei 2014

Nganalisis Carpon Sunda

Ini tugas suruh nganalisis carpon gitu, carponnya tentang pengalaman guru sunda gue*hebaaat yaa*, ini carpon ada seremnya ada lucunya ada sedihnya hahaaa dan ini tugas waktu taun kemaren sih waktu semester 1 tugas buat nambah nilai gitu .. ya semoga ajaa bermanfaat yaaa eitss jangan lupa comment juga yaaa ;;)

1. PUNTENNYA ULAH GANDENG..

Ø TEMA
3 Nonoman ngora anu ngalanggar aturan ibu kost, ahirna didatangan ku  awewe geulis tapi eweuh  mataan.
Ø SETTING       
Tempatna di Kost, Kost na si Komar. Waktuna peuting.
Ø PLOT 
Alur caritana maju mundur kusabab kajadian nu tadi peuting teh di bahas deui pas qisukna.
Ø PALAKU
Kuring, Dadi, Komar, Ibu kost, Jurig
Ø WATAK
 - Kuring          : Wanian
 - Dadi             : Tukang heureuy tapi borangan
 - Komar          : Wanian
 - Ibu kost        : Sok mamatahan
 - Jurig             : Nyingsieunan


Ø  AMANAT     
Urang teh kudu patuh kana aturan jeung kudu nurut ari kanu leuwih kolot teh, ulah malah di sepele keun  da omongan kolot teh sok aya benerna.
Ø  RINGKESAN CARITA       
Dina hiji mangsa, kuring ngkos sorangan da karek gawe, aya deui babaturan su sarua ngkos sorangan nyaeta si Dadi. Rencanana mah mun geus beres pagawean sakola peuting peuting kuring jeung si Dadi erek ulin ka kosan na si Komar nu kakara pindah 2 minggu ti kosana baheulana. Tempat kosana ge rada jauh jeung rada poek. Pas jam 10 peuting kuring jeung si Dadi mangkat ka kosana si Komar. Pas datang di kosana si Komar, kuring jeung si Dadi ngadon ngarobrol weh kitu ngaler ngidul. Si Dadi pan ari ngobrol teh sorana sok tarik jaba seurina pang gedena, ku si Komar teh di papatahan ulah gandeng teuing di kosana sabab ceuk Ibu kos na lamun leuwih ti jam 10 peuting tong garandeng bilih aya nanaon. Tapi kuring jeung si Dadi teu pati malire, malah si Dadi mah ngobrolna dihajakeun beuki tarik. Pas jam 12 peuting kadenge aya nu ngetrokan panto, tapi da teu dibuka bising salah dedengeeun. Pas lima belas menitan teh eta panto aya nu ngetrokan deui. Dibuka  ku si Dadi teh, pas dibuka si Dadi reuwas langsung nutupkeun panto sabari luncat kana korsi jeung tutunjuk kana panto bari matana molotok, sungutna calawak jeung ceurik auk aukan siga budak leutik nu hayangan balon bari ngompol pisan manehna teh. Ningali si Dadi kitu teh kuring jeung si Komar reuwas, hayang seuri tapi da asa serem oge. Ditanya ku kuring jeung ku si Komar teh naha bet jadi kitu. Ceuk si Dadi na teh ngan padu panto panto jeung panto. Kuring jeung si Komar langsung muka panto,  kuring langsung reuwas bari maruringkak nempo aya awewe make baju bodas, buukna panjang, terus eweuh siki mataan. Awewena ngadon nyikikik mamatahan tong gandeng. Kuring jeung si Komar, Dadi langsung sare patutumpuk da sieun bising aya deui awewe geulis tapi eweuh mataan.
Ø  PENDAPAT TENTANG IEU CARITA
Ceuk kuring mah ieu carita teh pertamana tegang komo deui nu pas aya nu keketrok panto peuting peuting mah kalah ka muringkak maca na ge. Tapi ahirna mah aya we pikaseurieun na teh.


2.      2. NU HAYANG DIJAJAPKEUN TENGAH PEUTING

Ø  TEMA            
Barangreup aya hiji awewe anu menta di anterkeun ka imahna singhoreng teh kuntilanak lain jelema.
Ø  SETTING                  
Tempatna di mobil, tempat parkiran, makam Cilaja. Waktuna  barangreup.
Ø  PLOT
Alur caritana maju.
Ø  PALAKU
Kuring, Indung pamajikan, Pamajikan, Wasti.
Ø  WATAK
Kuring                         : wanian
Indung Pamajikan       : bageur
Pamajikan                    : sok miwarang
Wasti                           : ogoan, nyingsieunan
Ø  AMANAT
Matak ge lamun geus barangreup teh tong sok kaluar imah da ari barangreup teh wayahna ibadah ka gusti Aloh. Urang tong sok percaya ka jalma nu karek kenal.
Ø  RINGKESAN CARITA
Ti beurang pamajikan teh geus nitah pangjajapkeun indungna kadulurna nu aya di tatangga desa, ngan kuringna can kaburu sabab loba pagawean. Jam lima sore pagawean karek rengse,geus bareresis, kakara urang nyanggupan nganterkeun. Tapi rarasaan teh mobil asa dengkek sabeulah, pas di ilik kana ban teh bener weh ban anu tukang kumpes sabeulah meuni dempes pisan. Langsung we ganti ban. Sanggeus ban na di ganti, teu karasa waktuteh geus tomper ka magrib. Tapi kuring maksakeun indit, jeung deui geus diniatan solatna engke bae diditu da bising rusuh ongkoh. Teu sabaraha lila, sora adzan teh geus kadengen, ngabejaan yen geus datang waktu magrib. Kuring jeung indung pamajikan turun. Bada rengse solat, kuring pamitan. Kuring langsung neangan tempat parkir, mobil di gas terus ngoloyong ka beh kulon. Kira kira saratus meter kabeneran aya pertiluan, kuring parkir didinya. Mobil ku kuring di pengkolkeun ka katuhu, terus mundur ka kenca. Sajeroning parkir teu katempo saurang ge jalma, padahal mah caraang loba imah, da meureun keur malagrib. Sawaktu mobil rek maju, kuring rada reuwas sabab panto mobil nu kenca teh ujug ujug muka sorangan terus nutup deui sorangan. Kuring hook sabab sainget mah panto teh geus pageuh. Memeh indit panto teh dipariksa heula bisi can parageuh. Terus kuring tumpa tempo ka luar mobil da eweuh sasaha. Sakedapan kuring olohok, ngambeu aya seugit kembang malati nyelesep kana irung. Rey bae bulu punduk asa carengkak, katambah deui angin du ngagelebug gede pisan. Buru buru kuring teh nutupkun panto kaca nu katuhu. Sanajan rada sieun, lalaunan eta panto nu tadi muka sorangan di pariksa ku leungeun kenca. Sanggeus yakin parageuh kakara kuring teh indit. Sajajalan kuring teh ngarasa aneh kanu kajadian tadi, pikiran teh ngaraweco teu puguh. Beuki sieun beuki dipikiran bae tambah beuki teu ngarti. Konsentrasi leungit. Tapi mobil tetep ngageuleuyeung lalaunan. Sajeroning pikiran jeung perasaan kumalayang teu puguh, kuring teu sadar nincak rem sataker kebek. Mobil ereun ngadadak. Kesang badag kesang leutik ngadadak kalaluar ti sakujur awak. Jeung deui rarasaan teh asa panas bayeungyang. Bulu punduk kabeh asa cararengkat,awak ngadegdeg, tuur nyoroncod. Bakat ku reuwas, teu sadar mata molotot jeung baham calangap. Sabab di gigireun geus diuk hiji mojang, buukna ngarumbay, bajuna rok panjang nepi ka bitis, warnana biru langit, sapatu jengki warna bodas, kulit leungeunan bodas semu biru. Ngan hanjakalna beungeutna teu katempo sabab diukna tungkul. Mesin mobil teh paeh, distater sabaraha kali teu daek hurung. Urang teu bisa kukumaha, rek kaluar rarasaan bujur asa beurat. Kuring ngahuleung teu puguh. Rek ngagorowok baham asa kakonci. Di wawanian urang teh nanya ka eta awewe naha bet aya di mobil kuring, ngajawabna mah hayang dianterkeun balik ka imahna di cilaja da sieun eweuh batur. Ku kuring dianterkeun pas nyampe ka imahna manehna turun, pamitan jeung ngenalkeun ngarana Wasti. Pas lampu mobil di paehan imahna katempo lomba lampuan. Tapi pas lampu mobil dicaangan teh reuwas da imah nu tadina loba lampuan harita mah eweuh nanaon malah nu katempo na teh makam. Kuring langsung indit, untungna mobil bisa hurung.
Ø  PANDAPAT TENTANG CARITA IEU
Ceuk kuring mah carita ieu teh da pikasieuneun pisan macana ge kalah maruringkak.

3.       3. "FATIMAH"

Ø  TEMA
Didatangan ku jurig awewe tuluy manehna nyaritakeun masa hirupna baheula.
Ø  SETTING
Tempatna di Kantor, Tasikmalaya, Hotel Mangkubumi Tasikmalaya, Kamar lantai 1, Kamar lantai 3, Tangga, Gudang. Waktosna peuting jeung isuk.
Ø  PLOT
Alur caritana maju mudur kusabab carita teh alurna geus maju tapi mundur deui sabab si fatimah nyaritakan kajadian baheula.
Ø  PALAKU
Kuring, adi, babaturan sakamer, babaturan sawaktu kuliah, fatimah, dosen
Ø  WATAK
Kuring             : Wanian
Adi                  : Bageur
Babaturan        : Bageur
Fatimah           : Bolot da hayang bae di salingkuhan ku dosenna.
Dosen              : Teu tanggung jawab, tukang salingkuh, galak.
Ø  AMANAT
Urang salaku awewe ulah daek jadi salingkuhan lalaki sabab loba resikona jeung deui teu alus dina ajaran agama.
Ø  RINGKESAN CARITA
Waktu nampa surat ti kantor pikeun ngaluuhan bintek kacapi sa Jawa Barat urang kabeneran jadi wakil ti kuningan, tiluan lalaki kabeh. Tempatna teh diayakeun di Hotel Mangkabumi Tasikmalaya, jadwal acarana teh 4 poe. Duka naon, rarasaan teh urang rek mangkat asa hoream bareurat. Kusabab lalaki wungkul, otomatis arurang teh disakamarkeun di lantai 2 no 241. Atuh naek turun rada cape jaba eweuh lifan. Pas acara pembukaan, nu ngawitan tabuh 20.00, urang katimu jeung babaturan kuliah di IKIP. Atuh kacida sonona, sabab geus mangpuluh puluh taun teu katimu. Beres acara pembukaan kira kira jam sebelas peuting, kuring heunteu langsung ka kamar, tapi nyimpang heula ka kamar babaturan anu geus lila teu panggih. Kira kira jam dualas peuting mata teh geus tunduh. Urang pamitan. Waktu kuring naek tangga , ditangga teh katempo aya awewe make rok panjang, buukna rada panjang, naek kaluhurkeun. Sanggeus kuring diluhur, awewe eta ku kuring dituturkeun tapi pas nepi ka kamar mandi eta awewe leungit duka kamana. Ningali kitu bulu punduk muringkak. Sanggeus ka jero kamer, ujug ujug panto teh aya nu keketrok. Di buka da eweuh sahaha, tapi aya deui nu keketrok teh. Pas dibuka anggeur weh eweuh sahaha. Pas ditempo kaluar rey bae maruringkak sabab ditangga katempo aya awewe, beungeutna geulis jiga blasteran Arab-India. Kuring ngawani wanikeun nyamperkeun manehna. Sanggeus rada deukeut urang rewas kacida sabab manehna ujug ujug ceurik. Urang colohok, teu puguh laku. Kuring nanya bet naha manehna ceurik. Dijawab ku manehna teh sabari nyarita pinuh ku kanyeri. Awewe eta teh baheulana mahasiswa anu di jadikeun simpenan ku dosenna, pas kanyahoan manehna reuneuh, dosen teu tanggung jawab bari ambek terus nelasan dugi ka maotna. Ngadenge carita kitu, kuring reuwas. Rasa sieun nu tadi teh harita mah leungit, nu aya ngan rasa karunya jeung sedih anu jero. Ningali kuring bingung sarta teu bisa mere solusi, manehna cengkat, terus ngoloyong ka lantai 3. Sacara teu sadar kuring nuturkeun, manehna asup kana hiji kamar anu aya dipangsisina. Kulantaran geus peuting ku urang teh diantep. Isukna kuring teh penasaran hayang nyaho kamar anu diasupan ku awewe tea. Pas ditempo, kacida kagetna sabab eta kamar teh pinuh ku barang barang rongsokan. Hartina eta kamar teh geus lila tara di pake. Langsung we indit sabab bulu punduk ngadak ngadak carengkat.
Ø  PANDAPAT TENTANG IEU CARITA
Ceuk urang mah ieu carita teh numutkeun urang sangkan urang teh ulah langsung percaya ka jalma. Jeung ieu carita teh aya pikasieunan aya oge sedih na teh.


4.     4. ANALISIS JURIG BUNGKEULEUKAN

Ø  TEMA
Teh Enok anu di kurubung make mukena keur basa ngiuhan di saung disangka juring ku jalma nu keu bobogohan.
Ø  SETTING
Tempatna di lembur kuring, imah guru ngaji, masjid, saung di sawahna Ki Darta. Waktuna peuting.
Ø  PLOT
Alur carita ieu teh mundur kusabab ti mimiti nyaritakeun ieu carita teh geus nyaritakeun nu kajadian jaman baheula.
Ø  PALAKU
Teh Enok, mojang-mojang umur 17 taun ka luhur, babaturan lalaki duaan awewe duaan, awewe jeung lalaki anu keur bobogohan.
Ø  WATAK
Teh Enok         : Rajin ibadah, getol diajar ngaji, wanian.
Mojang-mojang           : Garetol di ajar ngaji.
Babaturan        : Rajin neangan elmu agama, garetol diajar ngaji.
Nu bobogohan            : teu sopan, dusun
Ø  AMANAT
Urang kudu getol nyiar elmu agama jeung deui ulah bobogohan peuting – peuting komo deui sampe ngalakukeun laku lampah teu uni.
Ø  RINGKESAN CARITA
Pangalaman kuring jeung kapilanceuk lanceuk kuring nyaeta the Enok dina taun 93-an mangsa the enok gadis kerneh kirakira umurna 18 taunan. Dina mangsa harita the kacida erana lamun budak gadis teu lancer maca Qur’an atawa tacan namatkeun Quran, sabab dina waktu kawin na acara walimah the sok diayakeun acara khatam Qur’an husus pikeun awewena. Lantaran kitu dina mangsa eta awewe garetol diajar qur’an teh.
Ari the Enok ssokngajina the dimassjid, jarakna kira-kira 800 meter ti imah. Barijeung jalannamapay galengan sawah tuluy poek oge, da aya imah geh carang carangan. The enok ari balik ngaji tara langung ka imah, sok nyimpang heula ka imah guru ngajina, lantaran kitu balik ka imah the jam 9 atawa 10an da the enokmah wanian.
Dina hiji peuting pas the enok leumpang rek balik, langit the angkeub bulan oge cahayana ngan ukur reyem-reyem bae, jeung deui hawana tiis nyecep. The Enok ngaharudungkeun mukenna, temba tiris ceunah dateu mawa baju haneut. Keur jongjon leumpang lampu senterna ngadon pareum, the Enok kapaksa nolog. Keur kitu hujan girimis turun deui, lantaran teu mawa paying the Enok the seja ngereunan di saung sawahna ki Darta. Barang rek sup ka saung the enok ngaregog sabab ningali aya dua mangkkeluk lalaki jeung awewe keur diuk bari tatangkeupan, the Enok ek mundur deui tapi kaburu katingalieun, barang gok ngareret ka the enok the goak bae nu aewena ngajerit JURIIIG !! gajleng gajleng bae nu duanana laluncat bari lumpat sakalumpat lampet,notog-notog maneh.
Isukna dilembur jadi ibur, ai ceunahmah sawah I Darta the geus digaley ku bagong kajajaden.ai the Enok meunang beja ti baturnamah ceunah peting tadi basa keur bobogohan diganggu ku jurig. The Enok ukur nyenghel ngadenge beja kitu,  da manehna anu jadi jurig bungkeuleukanana. Enya.. mereun jurig mukena !
Tapi aya hikmahna oge, paling henteu geus bisa nyegah babaturan nu rek ngalakukeun “laku lampah teu uni”

Ø  PANDAPAT TENTANG IEU CARITA
Ieu carita teh pertamana mah tegang tapi da pas nyaho ahirna mah pikaseurieun oge.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar